Notification texts go here Contact Us Buy Now!

Nadom: Anak Adam (lengkap)

Nadom Pepeling Anak Adam Naskah Lengkap

Anak Adam anjeun di dunya ngumbara * Umur anjeun di dunya teh moal lila

Anak Adam umur anjeun teh ngurangan * saban poe, saban peuting dicontangan

Anak Adam anjeun paeh teh nyorangan * Cul anak, cul salaki, cul babarangan


Anak Adam paeh euweuh nu dibawa * ngan asiwung jeung boeh anu dibawa

Anak Adam pasaran teh lolongseran * saban poe, saban peuting gegeroan

Anak Adam anjeun kaluar ti imah * di garotong dina pasaran nu genah

Aduh bapa, aduh ibu abdi keueung * rup ku padung, rap ku lemah abdi sieun

Anak Adam di kubur teh poek pisan* nu nyaangan di kubur teh maca Qur’an

Anak Adam paeh anjeun ditakonan * Malaikat Munkar, Nakir nu nakonan

Anak Adam mun teu bisa ngawalonan * ka malaikat nu dua nu nakonan

Anak Adam tangtu keuna eta gendir * paneunggeulna malaikat Munkar Nakir

Anak Adam lamun amal urang alus * eta tangtu dikubur teh leuwih mulus

Anak Adam sing garetol maca Qur’an * pidamareun di kubur teh maca Qur’an

Anak Adam kaluar ti alam barjah * waktuna teh dina saba’da qiyamah

Nyaeta dina tiupan nu kadua * nu dingaranan paniup ba’as tea

Anak Adam urang sangges dihirupan * tuluy digiring ka tempat lan deratan

Pirang-pirang aleutan nu rupa-rupa * sakumaha waktuna hirup didunya

Anak Adam aya anu rupa bagong * waktu hirupna didunya teh bedegong

Anak Adam waktu anjeun keur ditimbang * mun beurat ka kenca tangtu kana jungkrang

Kitu deui lamun beurat ka katuhu * eta meunang kabungahan anu tangtu

Dulur-dulur abdi sakiyeu wasiyat * pamugi iyeu nadoman janten hikmat

Anak Adam ari maot eta lawang * sakabehna jalma-jalma pada nyorang

Anak Adam ari maot teh inuman * sakur-sakur jalma pada ngaraosan

Anak Adam dawuh Alloh maneh dijieun * taya liyan pakeun ibadah lakonan

Anak Adam maneh ulah ka tungkulkeun * kana dunya sabab bakal ditinggalkeun

Anak Adam maneh ngalakonan dosa! * saha anu nyalametkeun tina siksa?

Maneh lamun ngarep-ngarep rohmat Kami * kudu pisan netepan bakti ka Kami

Rejeung maneh mun sieun tina siksaan * eta kudu tina doraka jauhan

Reujeung maneh sok era ku pada jalma * henteu sieun ku Alloh sakama-kama

Anak Adam ulah poho kana maot * karana ari maot ka anjeun pogot

Geuning maneh ayeuna keur mapay jalan * tangtu anjeun nepi kana panungtungan

Anak Adam pek pigawe amal hade * karana nu jadi konci surga engke

Reujeung tinggalkeun sagala kagorengan * sabab jadi konci naraka siksaan

Anak Adam gedong-gedong nu di dunya * nu ku anjeun di jeiun di reka-reka

Pasti pisan ku anjeun teh ditinggalkeun * jadi ka anjeun mantak nganalangsakeun

Anjeun pindah ti dunya ka pakuburan * Dina pakuburan tangtu di sampakeun

Lamun boga amal soleh tangtu bungah * lamun mawa dosa tangtunage susah

Pakuburan mungguh kajalma nu soleh * ka sebutkeun “roudotun minal jannah”

Ari hartos nateh patamannan surga * mungguh kanu doraka ruang naraka

Anak Adam ari nu ngawungkul dunya * tangtu hirupna didunya hayang lila

Anak Adam ari jalma anu resep ka akherat * di dunyana tangtu sono kana maot

Iyeu nadom pepeling reujeung wasiat * nu kadua rek disambung deui mapat

Anak Adam anjeun kudu daek tobat * karana tobat jadi konci ibadat

Lamun jalma henteu ngalakonan tobat * moal bageur ka Alloh migawe “tho’at”

Ari ngarah bisa tobat kudu dipikat * nyaeta ku loba eling kana maot

Anak Adam urang ulah ka jongjonan * hirup didunya ku ngurus kadunyaan

Masing eling kana bangana hisaban * diakherat komo mun nyorang siksaan

Jeung elingkeun kana siksa pakuburan * kanu boga dosa henteu ditobatan

Saha-saha jalma anu daek tobat * eta tangtu di akherat na salamet

Reujeung tantu moal salah pangbalikan * nyaeta ka surga tempat kani’matan

Sing kasebut “kebo mulih pakandangan” * baheula urang di dunya kadudukan

Mun teu kitu tangtu balikna kasarung * ka tempat siksaan tangtuna kaduhung

Dawuh Alloh saha nu eling ka Kami * sarta dibarengan ibadah ka Kami

Tangtu kami mi’asih ka eta jalma * jeung di rohmat ku Kami di dama-dama

Anu eling ka kami bari doraka * ku Kami di bendu asup kana raka

Prak geura bakti ka kami reujeung tinggal * tina sakabeh dosa bari tawakkal

Anak Adam anjeung geura babahanan * pikeun balik nyaeta amal-amalan

Dunya anjeun geura hutangkeun ka Alloh * ku rupa sidekah jeung amal jariyah

Reujeung ikhlas di barengan rido manah * supaya di tarima ku gusti Alloh

Engke ka tampa ku anjeun di akherat * bayaran ti Gusti Alloh mang lipat-lipat

Kani’matan surga eta salawasna * moal anggeus jeung moal aya tungtungna

Saha-saha anu tobat jeung ibadah * di asupkeun kana surga leuwih bungah

Anak Adam anu ngora meungpeung ngora * prak ibadah supaya untung pohara

Komo nu geus kolot masing tambah pogot * sabab bakal tereh nyorang kana maot

Tapi kade bisi henteu boga elmu * jadi lapur ibadah moal tinemu

Ilmu nu tilu perkara masing bisa * masing ngarti ulah make asa-asa

Hiji ilmu tauhid nu kaduana * Ilmu fiqih, tasouf nu katiluna

Ilmu tauhid nu mingpin patekadan * ilmu fiqih ngajaga ibadah badan

Ilmu tasouf pikeun ibadah ati * pikeun mereskeun sakabeh pangabakti

Anak Adam iyeu aya panerangan * Pikeun padoman ciri bakal kabagjaan

Didunya jeung di akherat sakabehna * Sabelas perkara anu kahijina

Jalma anu kana dunya henteu pogot * Resep ka akherat sabab bakal maot

Dua teguh ibadah jeung maca Qur’an * Tilu tara loba omong pangangguran

Opat kacida ngaraksa kana solat * anu fardu reujeung anu sunat-sunat

Lima jalma apik dina sandang pangan * Barang-barang anu haram sok disingkahan

Kagenepna osok daek sosobatan * Rejeung jalma nu sholeh silih asihan

Tujuh handap asor tara kumulunggung * Henteu Kumagungan teu ngarasa luhung

Kadalapan ku rizqina sok berehan * kanu miskin kanu faqir karunyaan

Salapan ka mahluk-mahluk mikanyaah * sok nyieun ka manfaatan jeung faidah

Sapuluh ka batur-batur mere bungah * kanu keur kasusahan sok milu susah

Kasabelas loba eling kana maot * sabab urang tina maot moal lepot

Lalawanan nu sabelas eta ciri * bakal cilaka tumerap kana diri

Anak Adam dawuh nabi saha Jalma * anu tungtungna omongan nu utami

Kaluar ti dunya nu ucapan nana * “Laa ilaaha illalloh” enggeus tangtuna

Asup kana surga anu moal salah * dulur-dulur mugi pisan ulah gaplah

Masing loba macana eta kalimah * mugi-mugi urang sing “khusnul khotimah”

Reujeung deui sing loba maca sholawat * Ka kangjeng nabi nu kagungan syafaat

Karana ari loba maca sholawat * matak nepi kana “makomul ma’rifat”

Reujeung matak jadi du’a di ijabah * ku Alloh anu kagungan sifat rohmat

Anak Adam ayeuna keur maju jalan * Sarereya ngaburu kana wekasan

Jalan eta ayana dua perkara * jalan kana bagja jeung kana cilaka

Jalan bagja kalakuan ka Islaman * cilakamah kalakuan ka kufuran

Didunya jeung di akherat “aladdawam” * Mugi urang tetep di agama Islam

Amin, amin, amin  “Ya robbal alamiin” * Amin, amin, amin  “Ya robbal alamiin”

Anak Adam dawuhan Alloh Ta’ala * hadis qudsi anu pertela tur nyata

Nu hartosna dawuhan teh mun teu salah * ari maot teh nu mukakeun rasiah

Anak Adam nyakitu deui qiyamat * poe nu nembongkeun sagala rasiah

Nu di jieun rasiah mungguh manusa * dosa ka Alloh anu kawasa

Anak Adam tulisan anu mukakeun * Rasiah nu ku urang di sarumputkeun

Tulisan anu di buat malaikat * Roqib ‘Atid dua nana anu kuat

Anak Adam ulah osok mokahaan * Kana dosa anu leutik ngalakonan

Ulah ningal kana leutikna eta dosa * Sing paos dzat nu kawasa jeng nyiksa

Anak Adam ari dosa leutik eta * mun teu geuwat di tobatan osok menta

Kana wani ngalakonan dosa gede * Tobatan ku anjeun masing hade-hade

Anak Adam mun teu geuwat di tobatan * sok narik kufur jeung goreng na wekasan

Abdi sadayana nyuhunkeun diraksa * ka dzat Alloh anu murba nu wisesa

Anak Adam anjeun kudu sing rumasa * di damel ku dzat Alloh anu kawasa

Tuluy ku alloh dipasihan amanat * poma pisan anjeun ulah rek khianat

Anak Adam panon anjeun kudu diriksa * tina ningali nu matak jadi dosa

Nyakitu deui pangambung reujeung cangkem * kudu jaga saban poe saban malem

Anak Adam sampean kudu lempangkeun * kana tempat pangajian ngarungukeun

Cepil anggo nangkep kana penerangan * panangan anu di anggo tutulisan

Anak Adam iyeu pepeling cantumkeun * dina embun-embunan pek dipageuhkeun

Simpen dina kolbu masing ati-ati * malah mandar tambah harti reujeung surti

Sim kuring neja rek nuluykeun pepeling * bari muntang ka dat tunggla nu ngagiring

Adak Adam sakaabeh bakal digiring * ku Alloh kana tempatna masing-masing

Karana dina eta poe kiyamat * mahluq teh ngan dua pantan moal salah

Sapantan na anu jadi ahli surga * nu sapantan ahli naraka dijaga

Anak Adam nu iman Islam ka Alloh * nu geus ka asup kana perjangjian Alloh

Didawuhkeun iyeu jangji dina Qur’an * nu hartosna mun teu salah ngama’naan

Digiringkeun jalma-jalma kapangeran * ngadeuheusna di sawarga berhadepan

Malah tatkala daratang ka sawarga * terus pintu dibukaan kunu jaga

Lajeung disambut ku malaikat Ridwan * diriwayatkeun ku Alloh dina Qur’an

Nyaeta “salamun alaikum” kawitna * “tibtum fadkhuluha kholidin” terasna

Anak Adam galibna di alam dunya * mun panganten di sawer, di mulya-mulya

Dawuhan ti Alloh anu tadi tea * ibarat panyawer pangantenan mulya

Anak Adam nu cilaka nu doraka * digiringkeu ku Alloh kana Naraka

Nyaeta nu jadi panganten kadua * nu paehna imanna henteu kabawa

Sanggeus daratang kana Naraka sakabehna * tuluy dibukaan sakabeh pintuna

Anak Adam diweweleh ku pencaga * jenengan Malaikat Malik nu tohaga

Nu geus di dawuhkeun ku Alloh ayatna * dina Qur’an nu geus di bantun simbulna

Ari maraneh kabeh pangna disiksa * sabab teu nurut ka Rosul nu ngaraksa

Di dunya geus diajak tauhiid ka Alloh * jeung ibadah batan nurut kalah mangleuh

Tah eta tempat aranjeun teh naraka * siksa Alloh ku anjeun nu teu kasangka.

..: Tamat :..

Posting Komentar

Cookie Consent
We serve cookies on this site to analyze traffic, remember your preferences, and optimize your experience.
Oops!
It seems there is something wrong with your internet connection. Please connect to the internet and start browsing again.
AdBlock Detected!
We have detected that you are using adblocking plugin in your browser.
The revenue we earn by the advertisements is used to manage this website, we request you to whitelist our website in your adblocking plugin.
Site is Blocked
Sorry! This site is not available in your country.